Rupa Rupa Sisindiran - Dina Kasusastraan Sunda aya nu di sebut sisindiran malah biasana dina obrolan sapopoe sisindiran ieu sok digunakeun. Sisindiran sunda asal kecap tina sindir anu hartina nyaeta ngomong teu togmol tapi ku jalan di balibirkuen pikeun ngaragangan anu di ajak nyarita supaya ngomong urang hanteu nyentug teuing.
Sisindiran nyaeta kasenian ngareka basa nu di wangun ku cangkang jeung eusi, keur ngedalkeun maksud anu hanteu saceplakna bari di pamrih ku karesmianana ( M.A Salmun).
Nurutkeun Wanguna Sisindiran di bagi tilu nyaeta :
Sisindiran nyaeta kasenian ngareka basa nu di wangun ku cangkang jeung eusi, keur ngedalkeun maksud anu hanteu saceplakna bari di pamrih ku karesmianana ( M.A Salmun).
Rupa-Rupa Sisindiran
Nurutkeun Wanguna Sisindiran di bagi tilu nyaeta :
- Wawangsalan / Bangbalikan
- Paparikan
- Rarakitan
Lamun ditingali dina sipatna wangung anu 3 diluhur mibanda tilu rupa sipatna nyaeta :
- Silih Asih
- Piwuruk
- Sesebred
Tah eta rupa-rupa sisindiran anu aya dina bahasa sunda, kanggo contoh sisindirana insyaallah dina postingan saterusna
Kekecapan :
Togmol : Ngomong langsung di hareupeun jelemana
Advertisement
